Sagara Keusik

0
452
Gurun Sahara (Sumber: kfein.blogspot.co.id)
Gurun Sahara (Sumber: kfein.blogspot.co.id)

Sapertilu daratan di alam dunya téh mangrupa gurun atawa sok disebut sagara keusik. Dina basa Indonésia disebutna “padang pasir”. Malah aya sawatara nagara anu wewengkonna téh réréana mangrupa gurun, siga Arab Saudi jeung Australia. Mun di Asia, di Republikn Rayat Cina nu wewengkonna loba gurun téh. Malah di Indonésia ogé aya sagara keusik, sanajan henteu lega siga di nagara séjén. Antarana baé kapanggih di Bromo, Jawa Timur.

Sagara keusik teh umumna tempat nu teu layak keur dicicingan ku manusa. Sagara keusik nu aya di sakuliah dunya umumna diantepkeun kosong. Iwal di tempat-tempat anu aya sumber caina. Tempat di satengahing sagara keusik nu aya sumber caina disebut oase. Nya di oase sok aya tatangkalan nu jaradi jeung jadi padumukan téh.Kitu gé henteu réa.

Hawa di sagara keusik téh sok ékstrim. Mun beurang kacida panasna, mun peuting kacida tirisna. Curah hujanna teu pati réa. Nya ku sabab éta saenyana padang pasir teu layak keur dicicingan. Papadaning kitu lain hartina di sagara keusik taya nanaon nu mangpaat keur manusa. Di Timur Tengah mah apan, siga di Arab Saudi, Irak, Iran, jeung sawatara nagara séjénna, sagara keusik téh jadi lahan pertambangan minyak bumi. Malah baleungharna nagara-nagara di Timur Tengah téh alatan réana minyak bumi nu kakandung di sahandapeun sagara keusik.

Onta, sato nu bisa tahan hirup di sagara keusik. (Sumber: www.wisatamaroko.com)
Onta, sato nu bisa tahan hirup di sagara keusik. (Sumber: www.wisatamaroko.com)

Ku naon bet aya sagara keusik? Umumna sagara keusik aya di sabudeureun daerah-daerah tropis, nyaéta Lintang Utara jeung Lintang Selatan. Tapi ayana téh di wewengkon-wewengkon nu curah hujanna teu pati réa. Malah sawaréh mah curah hujanna ipis pisan. Béda jeung wilayah-wilayah tropis nu curah hujanna réa siga di Indonésia atawa di wewengkon Amérika Timur. Apan leuweung téh dimamana di urang mah.

Didaérah-daérah tropis, kaayaan di hiji wewengkon téh gumantung pisan kana pola arah angin. Lamun kaliwatan ku angin munson nu ngagelebug ti lautan sarta mawa saab (uap), biasana éta daérah téh bakal subur lantaran curah hujanna réa. Wewengkon kieu téh biasana sok disebut daérah tropis basah. Sabalikna, anu teu kaliwatan ku éta angin mah jadi garing. Wewengkon siga kitu sok disebut daérah tropis kering. Conto anu paling nyata mah di buana Ustrali jeung di Amérika. Daérah-daérah béh wétanna biasana subur jeung hieum ku leuweung, sedeng di daérah-dérah kulonna mah garing jeung réa sagara keusikna. Tangtu baé timbulna sagara keusik téh henteu lumangsung sataun dua taun.

Kabentukna sagara keusik kabentuk di hiji wewengkon prosésna bisa jutaan atawa rebuan taun. Lian ti éta, sababna ogé bisa rupa-rupa. Lian ti lantaran pola angin, curah hujan, jeung hawa anu ékstrim, sagara keusik ogé bisa kabentuk ku struktur batuan atawa lapisan taneuh nu teu bisa nyimpen kandungan cai kalawan lila.

Lantaraan kaayaanana béda jeung daérah-daérah tropis basah, atuh jenis sasatoan anu hirup di sagara keusik ogé béda. Ngan umumna mah teu pati réa jumlah jeung jenisna, teu siga di daérah tropis basah. Di Timur tengah, sato anu kawentar bisa tahan hirup di sagara keusik téh onta. Ku hal éta, onta sok jadi tutunggangan pikeun nyorang sagara keusik nu siga taya tungtungna.

Aya sawatara sagara keusik di dunya anu kawentar. Antarana baé Gurun Sahara di Afrika Utara, Gurun Gobi di Asia Tengah, jeung Kalahari di Afrika Barat Daya. Kasohor téh lain baé ku legana, tapi sohor ogé ku sabab matak bahaya mun disorang ku jalma. (*)

sahara tour (sumber: www.wisatamaroko.com)