Nazwa Sihab
Nazwa Shihab

Cung, saha anu resep maca? Hidep nu keur maca ieu tulisan mah jigana kaasup nu resep kana maca. Saliwat mah maca téh jiga hiji pagawéan anu tambuh laku, pamalesan, jeung sajabana. Padahal saenyana mah maca téh penting pisan. Maca buku, misalna.

Maca buku téh hiji pagawéan anu nyalsé tapi kacida gedé mangpaatna. Nyalsé, sabab bisa dipigawé iraha baé jeung di mana baé. Gedé mangpaatna, sabab ku maca urang bisa jadi jalma nu loba kanyaho. Loba élmu nu nyampak dina buku, nu ngan bisa diala mun urang daék maca. Loba luang jeung pangalaman anu ditulis jadi buku, ku maca urang jadi bisa mulungan mangpaatna. Kitu deui pikeun hiburan, réa nu nyampak dina buku. Kari daék macana. Jadi, sakali deui, maca buku téh penting. Kitu diantarana nu sok ditepikeun ku Najwa Shihab dina saban riungan, ahir-ahir ieu. Ari kitu, na saha atuh Najwa Shihab téh? Cik, aya nu apal?

Najwa Shihab téh Duta Baca Indonésia. Hiji wanoja geulis anu dipapancénan ku pamaréntah, pikeun nyebarkeun virus daék maca ka sakumna warga di sakuliah nagri. Lain sakadar geulis, tapi pinter, motékar jeung kréatif deuih Najwa mah. Kapan anjeunna téh kungsi jadi présénter acara TV anu kawentar, Mata Najwa di Metro TV. Acara ngawangkong anu pinuh ku eusi. Narasumber nu sok diondang ngawangkongna gé lain jalma joré-joré. Présiden Joko Widodo, Megawati Soekarno Putri, Susilo Bambang Yudhoyono, B.J. Habibie, jeung tokoh-tokoh penting Indonesia séjénna, kungsi diondang ngawangkong ku Najwa. Bari wangkongan nu dipanduna téh lain ukur wangkongan babalagonjangan, tapi wangkongan anu cerdas. Pertanyaan jeung pernyataan cerdas nu ditepikeun ku Najwa dina saban sési, teu weléh matak keprok nu lalajo. Ku kaparigelanna dina ngadalikeun wangkongan, Najwa bisa nganteurkeun acara Mata Najwa jadi acara TV nu dipikaresep jeung dipikareueus ku jalma réa.

Réa prestasi nu geus dicangking salila Najwa jadi présénter TV, boh di tingkat Nasional boh di tingkat Asia. Kungsi sababaraha kali jadi nominasi dina ajang Panasonic Award jeung Panasonic Gobel Award. Dina taun 2015 jadi Présénter Talkshow Berita & Informasi Terfavorit Panasonic Gobel Awards, Highly Commended for the Best Current Affairs Presenter di Asian Television Award (2007 jeung 2009), National Award for Journalistic Contribution to Democracy (2010), jeung préstasi-préstasi luhung séjénna.

Ceuk Najwa, éta kabéh préstasi nu geus kacangking téh, faktor utamana mah alatan manéhna resep maca buku. Karesepna kana maca buku dimimitian ti jaman Najwa keur budak kénéh pisan. Najwa diwanohkeun kana buku ku bapana, Quraisy Shihab, nu kungsi jadi Mentri Agama di jaman Persidén Suharto, nu kacida resepna kana maca. Saban dinding imahna, dipapaés ku rak buku. Aya rébuan buku nu bisa dibaca ku Najwa, harita. Kitu deui mun diajak jalan-jalan, Najwa remen pisan diajak ka toko buku. Balanja buku naon baé nu dipikaresepna. Munasabah mun ayeuna Najwa ngajanggélék jadi wanoja nu cerdas téh, sabab saban rohang mémorina dieusian ku rupaning élmu jeung kanyaho nu dipetik tina buku, minangka hasil tina karesepna kana maca buku.

Ayeuna, Najwa kapeto jadi Duta Baca Indonesia. Hartina, Najwa boga pancén pikeun numuwuhkeun jeung ngamekarkeun minat baca masarakat Indonesia, nu cenah minat bacana kacida goréngna. Numutkeun panalungtikan dina Most Littered Nation In the World 2016, minat baca di Indonesia téh réngking 60 ti 61 nagara. Kacida, nya.

Pikeun ngajalankeun pancénna salaku Duta Baca, ayeuna Najwa remen nganjang ka sakola-sakola, kampus-kampus, komunitas-komunitas, malah tepi ka lembur-lembur singkur gé dianjangan. Udaganna sangkan masyarakat miwanoh, micinta jeung daék maca buku. Saenyana leuwih praktis ayeuna mah maca buku téh. Sabab lian ti wangun buku biasa, ayeuna mah réa buku atawa bacaan séjén dina bentuk digital, anu bisa diaksés make gadget.

Lian ti jadi Duta Baca Indonesia, Najwa ogé jadi Duta Pustaka Bergerak, nyaéta jaringan literasi samodél relawan perpustakaan keliling. Rupa-rupa ketak nu dilakukeun ku para rélawan pikeun nepungkeun masyarakat jeung buku. Aya nu ngabengkot buku kana vespa, kana kuda, kana gorobag, kana parahu, jeung sajabana, nu penting bisa nganteurkeun buku ka nu macana. Tina pangalaman sawatara rélawan nu kungsi ditepungan ku Najwa, tétéla ari dianteuran bukuna mah masyarakat téh daraék maca. Malah katingalina téh jiga nu lapar kana bahan bacaan. Tah, hidep gé hadéna mah kudu kitu, sing resep kana maca, ngarah bisa jadi jelema nu luhung panemu, jembar panalar, jeung lega sawangan hirupna. (indaenha)